“Ckess… Ckess… Bleb!” Ieu caritana soun epek pas ngahurungkeun korek api nya, haha. Bisa oge teu kudu 2 kali sabenerna mah, sakali oge jadi: “Ckess… Bleb!” Tapi mun keur ngadat korek apina, bisa jadi ckess sababarakali oge henteu bleb-bleb, haha… Naha kitu nya? Kusabab kitu hayu dina episode ieu urang bahas naon anu sabenerna kajadian nu aya dina sora “ckess” eta.
Pas urang nyekess-keun korek, sabenerna loba pisan kajadian di waktu anu singkat eta. Hayu dulur-dulur, urang tingali pidio-na (ngan 2 menit):
Eta SlowMo-na hade pisan nya dulur-dulur. Kitu tah nu sabenernya kajadian-kajadian nu aya dina sora “ckess“. Jadi, eta hulu korek teh dijieun tina sababaraha bahan:
- Antimon Trisulfida jang bahan bakar
- Potassium Klorat nu ngabantu eta bahan bakar kabeuleum
- Amonium Fosfat nu fungsina ameh haseup henteu loba teuing pas seneuna pareum.
- Lilin Parafin nu fungsina ngabantu seuneu ameh geurakna ka handap korek.
- Zat perekat nu fungsina keur ngabeungkeut kabeh bahan jadi hiji kasatuan.
- Pewarna, supaya eta korek api katingali alus
Beda deui jeung permukaan gesek anu aya dina kotak korek api, anu dijieun tina bahan:
- Bubuk kaca keur ngahasilkeun friksi
- Fosfor Beureum keur ngahurungkeun seuneu
Jadi pas urang nyekess-keun eta hulu korek api kana permukaan gesek nu aya di kotak korek, bakal aya friksi jeung eta bubuk kaca nu ngahasilkeun panas. Eta panas teh bakal ngarobah Fosfor Beureum jadi Fosfor Bodas. Fosfor Bodas ieu gampang pisan jadi uap, jadina langsung bereaksi jeung oksigen nu aya di udara, jadina manehna kabakar.
Panas tambahan tina kabakarna eta Fosfor Bodas, bakal ngahurungkeun Potassium Klorat. Jadi weh bleb! Alias hurung seuneu-na. Potassium Klorat teh kaasup zat nu bisa nga-oksidasi, jadina manehna bakal ngahasilkeun oksigen leuwih loba nu bisa ngabantu bahan bakar utama (Antimon Trisulfida) ameh kabakar. Oksigen ieu jadina ngagabung jeung Antimon Trisulfida keur ngahasilkeun seuneu anu tahan lila. Kusabab kabeh bagian korek api teh dilapisan ku lilin Parafin, jadi seuneu bisa kabantu ngarambatna ka handap korek.
Pas si Antimon ieu ka-oksidasi, Sulfur Oksida kabentuk. Ieu zat anu ngahasilkeun bau kabakar. Sedengkeun haseup nu ku urang katingali, sabenerna eta teh partikel-partikel leutik anu teu kabakar. Eta teh kabentuk kulantaran pembakaran anu teu sampurna. Sacara hiji-hiji, eta partikel bakal hese pisan ditingali, tapi lamun ngagabung dina jumlah nu loba, bakal katingali mangrupa haseup. Di dinya oge aya sabagian uap cai nu kabentuk.
Tah, kabeh kajadian eta teh, ngan perlu sapersapuluh detik hungkul, dulur-dulur. Hade pisan nya. Leutik-leutik, ngagalatik!
Cover image by Wilfried Pohnke from Pixabay
Leave a Reply