Wilujeng sumping di Garasi mekanik leutik, dulur-dulur. Garasi mini tapi nyeni 🙂 Tempatna aya di daerah anu stratehis di tanah Pasundan. Bangunanna saluas 725 cm2 , luhurna 13 cm. Cukup pisan jang macem-macem ukuran cocooan nu kudu dibenerkeun, disusun, atawa dibangun. Ieu Garasi teh dilengkepan ku overhead crane anu kapasitasna 80 gram, oge ku lifting equipment nu sejen. Oge dilengkepan ku alat-alat kasalametan jeung tim pemadam kahuruan jang ngajaga kasalametan tim.



Salian tina fasilitas anu lengkep, ieu Garasi oge dirojong ku nu ngahunina, mekanik-mekanik leutik, nu ahli di bidangna. Manehna geus teu salabar hayang ngenalkeun maneh, dulur-dulur. Hayu urang kenalan hiji-hiji.
Babeh – Lead Mechanic

Babeh (lain ngaran asli), teh mekanik nu paling senior di Garasi. Ngan hiji atawa dua mekanik nu deukeut hungkul nu nyaho saha ngaran aslina. Manehna boga pangalaman sagunung, anu nyieun manehna alus pisan dina mingpin anggotana.
John – Senior Mechanic

Ieu si John teh hiji-hijina expat di Garasi. Asalna ti UK, tapi lancar pisan ngomong Bahasa Indonesia jeung Basa Sunda. Jadi manehna gampang ngahiji jeung tim na, anu lolobana urang Sunda. John, sanajan kaasup ngora keneh, tapi ahli pisan, pinter, bageur, jeung teu pedit elmu. Manehna resep babagi elmu ka mekanik-mekanik nu sejen.
Dadang – Lifting Specialist

Dadang nyaeta ahlina kana alat angkat nu geus boga sertipikasi. Manehna bisa ngagunakeun kabeh alat angkat anu aya di Garasi, jeung nyaho kabeh hal sarinci-rincina. Cenah, manehna hiji-hijina nu apal saha ngaran asli Babeh. Katingalina si Dadang teh siga nu culun, tapi skill na hade pisan.
Asep – Rigger

Gawean si Asep ieu, pentingna moal aya. Jadi Rigger anu kudu mastikeun kabeh barang nu diangkat kudu bener-bener kacangked / kakait sampurna. Hoist jeung hook geus jadi cocooan manehna unggal poe. Si Asep teh anggota nu pang ngorana, tapi pinter jeung gancang diajar. Sanajan kaahlian utamana mah Rigging, tapi manehna oge alus dina pagawean sejen.
Ujang – Fire Fighter

Mun aya bahaya, si Ujang jeung treukna geus siap sadia. Jadi anggota anu nungkulan masalah kasalametan, utamana lamun aya kahuruan, ieu tugas utama si Ujang. Manehna geus dilatih husus keur nyanghareupan bahaya, utamana mareuman kahuruan. Si Ujang kudu siap sadia iraha wae, lantaran ieu penting jang kasalametan timna.
Tatang – Bulldozer Operator

Proyek-proyek ti littlemechanic.com loba pisan anu outdoor jeung ngabutuhkeun alat-alat beurat. Di dieu si Tatang jeung bulldozerna boga peran.
Wawan – Loader Operator

Sarua jeung si Tatang, si Wawan teh operator alat beurat. Manehna jeung loader na kudu siap sadia ngeruk jeung ngangkat bahan-bahan penting nu dibutuhkeun ku tim. Kulit sawo matengna nunjukkeun manehna getol pisan digawe di lapangan.
Kumaha dulur-dulur, geus kenal kabeh pan. Masing-masing mekanik leutik ieu insyaAllah bakal boga peran dina proyek-proyek nu aya di Garasi. Jadi tungguan nya dulur-dulur! Sanajan leutik tapi ngagalatik!
Leave a Reply