Leutik-leutik ngagalatik. Naon tah hartina? haha. Hartina, sanajan leutik tapi jagoan. Kitu meureun kecap Basa Sunda anu pas jang ngagambarkeun pintonan dina gambar di luhur. Coba tingali kumaha mekanik-mekanik leutik ieu ngabongkar gir nu ukuranna jauh leuwih gede ti ukuran manehna. Oge mur jeung baud anu beuratna jauh leuwih beurat ti beurat manehna. Hade pisan pan, dulur-dulur?
Ti baheula, kulantaran sabab nu ku urang teu kaharti, manusa arek budak atawa kolot, pasti boga rasa karesep kana dunya miniatur atawa naon-naon anu leutik. Manehna jiga nu boga daya tarik sorangan anu bisa nyieun urang ngarasa lucu jeung resep ka manehna.
Kulantaran kitu, simkuring jeung mekanik-mekanik leutik ieu, arek ngawanikeun maneh digawe jeung babagi di littlemechanic.com. Ieu mekanik-mekanik leutik teh geus teu salabar hayang ngabongkar, ngabangun, ngukur, ulin jeung diajar kabeh hal anu anyar. Pastina manehna ngan bisa ngabongkar barang-barang anu laleutik hungkul nu aya di imah, atawa cocooan. Lain sambarang barang jeung cocooan, tapi khusus anu boga prinsip science jeung engineering. Naha kitu? Kulantaran urang resep ka manehna.
Ijinkeun simkuring digawe jeung babagi nepakeun karesep simkuring kana science jeung engineering, ka barudak urang calon-calon ilmuwan jeung engineer ka hareupna, oge kolot-kolotna. Lantara ayeuna di negri ieu, science jeung engineering teh ngan saukur alat jang lulus ujian jeung alat neangan duit hungkul. Garing sagaring-garingna, euweuh kacinta. Barudak dialajar matematika atawa fisika misalna, lain lantaran resep, tapi ngan hayang peunteun na alus, nu penting lulus, ameh karir mulus.
Padahal karesep jeung kacintaan teh bisa ngalahirkeun katulusan jeung kahadean. Hiji hal anu bisa mere inspirasi jang bangsa ieu tina kamunduran, ka arah kamajuan. InsyaaAllah.
Sakitu wae heula, dulur-dulur, nu tiasa ku simkuring tuliskeun dina posting kahiji ieu. Wilujeng. Mugi ieu seratan teh, raos kanggo diaos. Jeung tong poho dulur-dulur: Leutik-leutik ngagalatik 😀
Catetan:
Hampura ka sadaya sesepuh Basa Sunda nu ngaos seratan ieu. Hampura Basa Sunda simkuring acak-acakan. Nyuhunkeun saran sareung masukanna upami mendak kecap anu lepat.
Cover image by Wilfried Pohnke from Pixabay
Leave a Reply