Saha anu di sakola baheula pernah dicepret leungeunna ku guru lantaran kupan alias kukuna panjang? haha. Pamalesan pisan nya baheula urang motong kuku, padahal geus aya alat nu ngaranna gunting kuku. Bayangkeun baheula basa can aya gunting kuku, kumaha coba mun urang rek motong kuku?
Gunting kuku teh ternyata karek aya di akhir taun 1800an, dulur-dulur. Teu pati jelas saha anu tiheula boga ide, tapi paten-paten tentang gunting kuku modern anu bentukna jiga nu ku urang dipake ayeuna, mimiti katingali di akhir taun 1800an ku ngaran-ngaran jiga David Gestetner, Valentine Fogerty, jeung sajabana.
Terus saacan eta, make naon atuh kolot baheula mun arek motong kuku? Nya make peso. Matakna di Barat baheula, can aya istilah nail clipping (motong kuku). Nu aya istilah “paring” nu hartina mesek. Jeung kusabab teu kabeh ahli dina hal ieu, jadi aya samacem salonna, jiga mun urang ka tukang cukur.
Coba bayangkeun motong kuku make peso, dulur-dulur. Kudu loba ngahaturkeun syukur urang ayeuna mah geus aya gunting kuku modern anu serba guna jeung murah deuih.
Tapi jang naon sih ngabahas gunting kuku sagala? Lantaran kieu dulur-dulur, ieu alat anu simpel teh geus ngarevolusi cara urang motong kuku jadi leuwih gampang jeung teu kudu ribet, ngan make prinsip mekanika anu simpel anu dasarna mah sarua jeung prinsip cungkelik cungkedang. Coba tingali animasi gunting kuku ieu:

Terus ayeuna bandingkeun jeung animasi cungkelik cungkedang ieu:

Bisa manggihan teu kasaruaanna, dulur-dulur? haha… Mun heunteu, teu nanaon, ulah dipaksakeun, ulah neupikeun kahipnotis. Burukeun scroll weh ka handap ameh animasina leungit tina layar, haha.
Naha bisa disebut sarua? Soalna dua-duana make prinsip pangungkit atawa tuas. Naon sih prinsip pangungkit teh?
Kieu dulur-dulur, bayangkeun aya cungkelik cungkedang anu tumpuanna henteu di tengah. Tapi digeser terus ka salah sahiji ujung. Siga kieu:

Tah, lamun siga kieu, beban anu beuratna 100 kilo di salah sahiji sisi bisa diangkat ngan make beban 5 kilo di sisi nu lain. Lantaran si beban anu 5 kilo teh jarakna leuwih jauh tina tumpuan. Beban 100 kilo di sabeulah kenca disimpen dina jarak 1 m tina tumpuan. Beban 5 kilo di sabeulah katuhu disimpen dina jarah 20 m tina tumpuan.
Prinsip ieu teh loba gunana pisan supaya urang bisa ngangkat beban anu beurat atawa jang ngahasilkeun gaya output anu gede, ngan make gaya input anu leutik. Tah kusabab kitu aya istilah kauntungan mekanis. Dina conto di luhur, kauntungan mekanisna teh 20, tina 100 kilo dibagi 5 kilo atawa 20 m dibagi 1 m. Hartina ngan mere gaya sakitu hungkul, hasilna bisa 20 kali lipetna.
Sacara umum, lamun urang ngaplikasikeun kasaimbangan momen, urang bisa meunang rumus kieu:

Di dieu, M teh massa masing-masing beban, terus a jeung b teh jarak masing-masing tina tumpuan. Kauntungan mekanisna nyaeta: M1/M2 = b/a. Dina aplikasina, gaya beurat tina hiji massa M1 atawa M2 teh bisa diganti ku gaya input atawa output.
Biasana, gaya input dibere ngaran “kawasa”, terus gaya output dibere ngaran “beban”. Jarak gaya “kawasa” kana tumpuan disebut “leungeun kawasa”, terus jarak gaya “beban” kana tumpuan disebut “leungeun beban”. Siga kieu:

Susunan jiga kieu, anu tumpuanna aya di tengah, disebut Tuas Kelas 1, conto benerna misalna cungkelik cungkedang. Terus kumaha lamun “Beban” anu di tengah?

Lamun “Beban” aya di tengah, disebutna Tuas Kelas 2. Conto benerna misalna garobag surung.

Lamun “Kawasa” anu aya di tengah, disebutna Tuas Kelas 3.

Conto Tuas Kelas 3 ieu misalna rahang:

Terus gunting kuku asupna kana Tuas Kelas sabaraha? Tah, urang kudu merhatikeun heula yen gunting kuku teh diwangun ku 2 komponen utama, nyaeta anu di tandaan ku warna hejo dina gambar di handap:


Ayeuna perhatikeun posisi “Kawasa”, “Beban” jeung tumpuan dina komponen nu luhur:

Jadi, lantaran “Beban” aya di tengah, komponen gunting kuku nu luhur ieu kaasup Tuas Kelas 2. Kumaha anu bagian handap?

Lantaran “Kawasa” aya di tengah, jadi komponen gunting kuku nu handap kaasup Tuas Kelas 3.
Tah lamun urang arek iseng ngukur gunting kuku urang, urang bisa ngitung sabaraha tah kira-kira kauntungan mekanisna gunting kuku teh. Jang bagian luhur (Tuas Kelas 2):
- Leungeun kawasa kira-kira 4 – 6 cm (kumaha ukuran gunting kuku)
- Leungeun beban kira-kira 0,3 – 0,7 cm
- Kauntungan Mekanis bag. luhur = 8 – 13
Jang bagian handap (Tuas Kelas 3):
- Leungeun kawasa kira-kira 3 – 4,5 cm
- Leungeun beban kira-kira 4 – 5,5 cm
- Kauntungan Mekanis bag. handap = 0,7 – 0,8
- Kauntungan mekanis Tuas Kelas 3 pasti leuwih leutik tina 1. Eta sababna Tuas Kelas 3 disebut oge Tuas Pangali Kagancangan (speed multiplier lever).
Kauntungan Mekanis Totalna nyaeta perkalian tina duanana (bag. luhur jeung handap), nyaeta kira-kira 6 nepi 10, kumaha ukuran gunting kuku.
Jadi lamun urang motong kuku, gunting kuku teh bakal ngalipet gandakeun gaya pencet leungeun urang 6 nepi 10 kalina, anu ngakibatkeun kuku urang jadi gampang pisan dipotongna š
Mekanisme anu hade pisan pan dulur-dulur. Leutik-leutik ngagalatik!
Referensi:
- Wikipedia. “Nail Clipper”. Diakses 4 April 2019.
- Ernie Smith. “We Nailed It”. Tedium.co. Diakses 4 April 2019.
- Wikipedia. “Lever”. Diakses 4 April 2019.
- Wikipedia. “Tuas”. Diakses 4 April 2019.
Leave a Reply